Kamis, 20 Agustus 2015

KHUTBAH JUM'AT: BAGJA JEUNG CILAKA

Jum’at, 19 Desember 2014/28 Muharram 1436
BAGJA JEUNG CILAKA
اَلْحَمْدُ لِلهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُوْهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ سُرُوْرِ اَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ اَعْمَالِنَا مَنْ يَّهْدِى اللهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُّضْلِلْهُ فَلَا هَادِيَ لَهُ. اَشْهَدُ اَنْ لَّااِلَهَ اِلَّااللهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى هَذَا النَّبِيِّ الْكَرِيْمِ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّا بَعْدُ, فَيَااَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَاَحُثُّكُمْ عَلَى طَاعَتِهِ.
Sadaya puji mung kagungan nu Maha Suci, puja kanggo Nu Maha Kawasa, Shalawat rawuh salam mugi tetep kanggo utusana-Na, nyaeta kangjeung Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, para shohabatna, sarta ka para pangiringna anu tumut tur taat ka mantena. Khatib umajak ka balarea pikeun babarengan takwa ka Allah kalawan takwa anu sabenerna sarta muga-muga urang sadaya ulah maot anging aya dina kaislaman. Amin ya robbal alamin.
Hadirin sidang jum’ah rohimakumulloh!
Hayang bagja alim cilaka di dunya jeung aherat geus jadi sabiwir hiji, boh ceuk nu iman atawa nu kufur, sabab kabeh oge pada hayang ari salamet mah. Ngan masalahna naha ieu anu dipikahayang jeung nu dipikaembung teh bakal laksana. Tangtu hal ieu teu tiasa diwangwang ku uteuk atawa dipapantes ku pamantes, tapi nu bakal mastikeun antara laksana jeung henteuna nyaeta katerangan. Upama saur katerangan laku kitu teh baris bagja tangtu tinemu jeung kabagjaan jeung upama ceuk katerangan eta laku teh matak cilaka tangtu cilaka. Nya pikeun ngadeudeul jeung nguatan nu mikahayang bagja sangkan laksana teu aya deui jalan kajaba kudu iman jeung Islam sabab ieu pisan hiji-hijina anu baris bisa nyumponan kahayang urang tea. Allah SWT ngadawuh dina Al-Qur’an
“Parantos ngajangjikeun Allah ka jalma-jalma anu iman jeung ngalampahkeun amal soleh diantara maranehna ku pangampura jeung ganjaran anu kacida gedena.” (Al-Fath: 29)
Saparantosna urang nguping katerangan ti Allah anu nembe, kantun urang sadaya sadar nampi kana eta katerangan, kanggo ngakurkeun sareung iman Islam nu ku urang keur dilaksanakeu, sarta ngadangdosan iman Islam urang dimana teu akur.
Hadirin kaum muslimin ! upama tingkah laku sareung laku urang anu jadi doronganana iman ka Allah jeung Rasul-Na, tekad ucap jeung lampah Rasul ku urang diurutan, tangtos kahoyong urang sadaya nyaeta bagja di dunya rawuh aherat baris laksana. Sawangsulna sanaos urang keukeuh peuteukeuh hayang bagja jeung alim cilaka boh didunya nyakitu aherat, lamun laku lampah urang teu akur jeung patekadan jeung pituduh ti Rasul tangtos moal tiasa laksana, sakumaha dawuhan Rasulullah SAW:
مَنْ عَمِلَ عَمَلاً لَيْسَ عَلَيْهِ اَمْرُنَا فَهُوَ رَدٌّ
“sing saha anu milampah hiji amal anu kami teu marentahkeun tangtu ditolak.”
Hadirin kaum muslimin!
Mangga ayeuna mah urang sami-sami ngoreksi diri, ngomean amal urang sadaya dina agama bilih aya amal urang anu nyimpang tina pituduh allah, bilih amal eta -amal teh jiga agama padahal sanes, atanapi amal teh dipiwarang atawa henteu sahingga teu pantes pikeun meunang buruhan, bilih ngarep-ngarep bagja ari pek cilaka.
Hadirin sidang jum’ah anu mulya
Pamungkas mangga urang sami-sami nga du’a ka Allah swt mudah-mudahan maot abdi sadaya, kulawarga, sareung muslimin muslimat tetep aya dina kaislaman sareung kaimanan. Amin yaa robbal alamin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْم. وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ بِاْلاَيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ

Tidak ada komentar:

Posting Komentar