Jum’at,
23 Januari 2015/
FADILAH
ELMU
اَلْحَمْدُ لِلهِ الَّذِيْ عَلَّمَ
بِالْقَلَمِ, عَلَّمَ الْاِنْسَانَ مَالَمْ يَعْلَمْ, واَشْهَدُ اَنْ لَااِلَهَ اِلَّا
اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ. وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ.
وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلىَ مَنْ لَّا نَبِيَ بَعْدَهُ. وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ
وَمَنْ تَبِعَهُ وَوَلاَهُ. (اَمَّا بَعْدُ) فَيَااَيُّهَا الْمُسْلِمُوْنَ
اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَىى اللهِ فَقَدْ فَازَ مَنِ اتَّقَى وَخَابَ مَنْ
طَغَى
Saparantosna muji ka Hadirat Allah saw. Shalawat
rawuh salam mugi tetep kanggo utusana-Na, nyaeta kangjeung Nabi Muhammad SAW,
kakulawargina, para shohabatna, sarta ka para pangiringna anu tumut tur taat ka
mantena dugi ka Yaumiddin. Maka saparantosna kitu Khatib wasiat ka para hadirin
sadaya supaya salamina ngajalankeun taqwa ka Allah swt, sabab ngan ku kataqwaan
supaya ngahontal kasaletan dunya-akherat.
Hadirin sidang jum’ah rohimakumulloh!
Manusa aya hargana lamun aya elmuan
sanajan miskin. Nyakitu deui manusa jadi terhormat oge lantaran boga elmu.
Lamun teu aya elmuan, naon hargana hirup urang, sabab henteu aya bedana jeung
sato.
Imam syafi’i ngadauh dina syairna:
اِذَالَمْ يَكُوْنَا فِيْهِ لَااعْتِبَارَ لِذَاتِهِ
|
حَيَاةُ الْفَتَى بِالْعِلْمِ وَالتُّقَى
|
“Hirupna manusa atawa hiji
pamuda, nyaeta ku elmu jeung taqwa.”
Lamun anu 2 ieu (elmu jeung taqwa) henteu
aya dina diri manusa, mangka hirupna henteu aya hartina. Kusabab kitu hayu
urang sadayana getol ngahadiran majlis elmu. Sabab kacida pisan seueur
ganjaranna sakumaha dawuhan Kangjeung Nabi Muhammad saw dina hadisna:
جُلُوْسُكَ سَاعَةً فِى مَجْلِسِ
الْعِلْمِ لَاتَمَسَّ قَلَمًا وَلَاتَكْتُبُ حَرْفًا خَيْرٌ لَكَ مِنْ عِتْقِ
اَلْفِ رَقَبَةٍ
“Diukna anjeun dina majlis
elmu sanajan sakeudeung, sanajan teu nyabak kalam-kalam acan, sanajan henteu
nulis sahuruf-huruf aca, maka eta geus leuwih hade tibatan ngamerdekakeun
sarebu budak beulian.”
Tah kitu kauntunganana majlis elmu.
Malahan Rasulullah ngalarang umatna percaya kana poe-poe sial. Tapi anjeuna
ngadawuhkeun, ari poe sial teh nyaeta poean urang henteu nambah elmu. Sakumaha
dawuhna:
اِذَا اَتَى عَلَيَّ يَوْمٌ لاَاَزْدَادُ
فِيْهِ عِلْمًا يُقَرِّبُنِى اِلَى اللهِ فَلَا بُوْرِكَ لِى فِى طُلُوْعِ
الشَّمْسِ ذَلِكَ الْيَوْمِ
“Lamun datang ka
kaula hiji poe anu teu nambah elmu, mangka kaula nganggap eta poe-poe sial teh
henteu aya berkahna.”
Para Hadirin
Kaum Muslimin!
Urang sadaya unggal poe miceunan waktu,
dipake ngobrol teu puguh, teu dieusian ku elmu. Kumaha bisana urang rek meunang
kamajuan. Umat islam jaman baheula meunangna kamajuan lantaran soson-soson
neangan elmu. Dugi ka seueur karangan-karangana anu dugika urang ayeuna.
Saperti Imam Syafe’i, Imam Ghozali sareung nu sanesna. Urang kiwari jadi umat
mundur lantaran males neangan elmu. Nabi ku anjeun tos wasiat ka urang sadayana
anu kieu unggelna: “aranjeun kedah diajar elmu, sabab dimana tambah elmu, maka
tambah bakal sieun ku Allah swt. Sarta bakal jauh tina ma’siat-ma’siat. Sarta
tolab elmu teh kaasup ibadah.
Mun urang mudakaroh elmu teh saolah-olah
maca tasbeh. Lamun urang ngabahas elmu, maka eta saolah-olah Jihad Fi
Sabilillah. Nyakitu deui lamun urang ngajarkeun elmu, jadi mualim, jadi
mubaligh, jadi guru maka saolah-olah sidekah.
Kusabab kitu hayu urang soson-soson
dialajar elmu satungtung masih keneh seueur ulama, kyai-kyai, Ustadz-ustadz,
ditengah-tengah urang anu arikhlas daraek ngajar.
Hadirin sidang jum’ah anu mulya
Mudah-mudahan Allah swt maparin taupiq
sinareung hidayah ka urang sadaya sahingga tiasa ngahontal darajat taqwa.
Amin yaa robbal alamin.
بَارَكَ
اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْم. وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ بِاْلاَيَاتِ
وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ
هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ
Tidak ada komentar:
Posting Komentar