Jum’at, 24 Juli
2015/
WAJIB SYUKURAN KANA NI’MAT
اَلْحَمْدُ لِلهِ اَمَرَنَا بِاَنْ نَشْكُرَ اْلِاحْسَانَ,
وَالَّذِيْ هَدَانَا اِلَى اْلِاسْلَامِ وَاْلِاْيمَانِ. واَشْهَدُ اَنْ
لَّااِلَهَ اِلَّااللهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى هَذَا النَّبِيِّ الْكَرِيْمِ وَعَلَى اَلِهِ
وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّا بَعْدُ, فَيَااَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ
اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَاِنَّهُ يُحِبُّ الْمُتَّقِيْنَ.
Sadaya Puji kagungan Alloh SWT anu parantos nuduhkeun ka urang sadayana
kana islam oge iman. Urang manjatkeun rasa Syukur ka Alloh SWT. Kalayan Rohmat
sareng Izin Alloh, Alhamdulillah urang sadayana masih dipaparinan yuswa oge
kasehatan dugikeun ka dinten iyeu dinten Jum'at anu pinuh ku kamuliaan sareung
kaberkahan.
Shalawat sinareng salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan
urang sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, Oge ka sadaya kulawargina, ka para
Sahabatna, sareng ka sadaya pengikutna dugikeun ka akhir zaman. Amin
ya robbal alamin. Simkuring salaku
khotib khususna kanggo diri simkuring pribadi sareng umumna kasadaya jama'ah,
hayu urang sami-sami Taqwa ka Alloh SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna.
Kumargi mung ku taqwa-taqwana jalan kasalametan dunya-akherat.
Hadirin sidang jum’ah rohimakumulloh!
Manusa lahir ka alam dunya ieu henteu terang kana naon-naon, tapi
Allah SWT, parantos nyadiakeun alat-alat anu bakal diperlukeun keur ngawelah
hirup diaalam dunya ieu, sakumaha dawuhana-Na dina Al-Qur’an Surat An-Nahl: 78
وَاللهُ اَخْرَجَكُمْ مِنْ بُطُوْنِ اُمَّهَاتِكُمْ لاَتَعْلَمُوْنَ
شَيْئًا وَجَعَلَ لَكُمُ السَّمْعَ وَالْاَبْصَارَ وَالْاَفْئِدَةَ لَعَلَّكُمْ تَشْكُرُوْنَ
“Alloh geus ngaluarkeun ka aranjeun ka alam dunya, kalawan perantaraan
beuteung-beuteung indung aranjeun, sedengkeun kaayaan aranjeun henteu nyaho
nanaon, maka Alloh swt, mere ka aranjeun ceuli, panon, hate supaya aranjeun
salukuran”
Alat-alat anu diluhur nembe mangrupikeun kani’matan anu pohara gedena.sabab
lamun diantara salah sahiji alat anu diluhur teu aya didiri urang, saupama
panon karasa kani’matan urang henteu sampurna, komo mun seug anu teu aya teh
hate tanwande urang moal bisa mikir anu sampurna.
Sakabeh perkara anu aya dialam dunya ieu timimiti pepelakan, sasatoan,
barang-barang logamna kayaning emas, perak jeung lianna, eta teh disadiakeun ku
Alloh swt keur ummat manusa, supaya ku urang dimanfaatkeun.
Para Hadirin anu mulya! Sawajibna pikeun sakabeh manusa, syukuran kana
ni’mat Alloh swt nyaeta syukur anu ngandung harti nganuhunkeun kana sagala
ni’mat anu geus dibikeun kamanehanana. Syukuran ieu geus diwajibkeun ku Alloh
swt sakumaha pidawuhna dina Al-Qur’an Surat An-Nahl ayat 114:
وَاشْكُرُوْا نِعْمَتَ اللهِ اِنْ كُنْتُمْ اِيَّاهُ تَعْبُدُوْنَ
“kudu salukuran aranjeun kana ni’mat ti Alloh lamun aranjeun
bener-bener sumembah kamanten-Na.”
Lamun urang nilik kana kaayaan jungjunan urang sadayana kangjeung Nabi
Muhammad saw, anu geus dijamin ku Alloh jadi ahli surga, bebas tina dosa-dosa,
tapi tetep anjeuna ngaraios sieun jeung keueung paur teu dilebetkeun ku Alloh
swt kana golongan jalma anu syukuran.”
Kitu prilaku Kangjeung Muhammad saw, anu payus pisan urang salaku
ummatna nyonto kana akhlak talajak anjeuna.
Hadirin sidang jum’ah anu mulya
Akhirna hayu urang sami-sami ngadu’a ka Alloh swt Mudah-mudahan urang
sadayana dilebetkeun kana golongan jalma anu tiasa syukuran ka Mantenna. Amin
yaa robbal alamin.
بَارَكَ اللهُ
لِيْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْم. وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ بِاْلاَيَاتِ
وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ
هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ
Tidak ada komentar:
Posting Komentar