Kamis, 20 Agustus 2015

KHUTBAH JUM'AT : MIHAREP RAHMAT ALLAH

Jum’at, 20 Maret 2015/
MIHAREP RAHMAT ALLAH  
اَلْحَمْدُ لِلهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُوْهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ سُرُوْرِ اَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ اَعْمَالِنَا مَنْ يَّهْدِى اللهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُّضْلِلْهُ فَلَا هَادِيَ لَهُ. اَشْهَدُ اَنْ لَّااِلَهَ اِلَّااللهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى هَذَا النَّبِيِّ الْكَرِيْمِ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّا بَعْدُ, فَيَااَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَاَحُثُّكُمْ عَلَى طَاعَتِهِ.
Sadaya Puji kagungan Alloh Rabbul Alamin. Urang manjatkeun rasa Syukur ka Alloh SWT. Kalayan Rohmat sareng Izin Alloh, Alhamdulillah urang sadayana masih dipaparinan umur dugikeun ka dinten iyeu dinten Jum'at anu pinuh ku kamuliaan.


Shalawat sinareng salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, Oge ka sadaya kulawargina, ka para Sahabatna, sareng ka sadaya pengikutna dugikeun ka akhir zaman. Amin ya robbal alamin. Henteu aya anu langkung pantes Dina kasempatan Jum'at iyeu kecuali urang saling nasehatkeun dina wasiat taqwa, khususna kanggo diri simkuring pribadi sareng umumna kasadaya jama'ah, hayu urang sami-sami Taqwa ka Alloh SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna. Nyaeta kujalan, ngalaksanakeun naon rupi anu diparentahkeun ku Alloh SWT, sareng nebihan sagala rupi anu dilarang-Na

Hadirin sidang jum’ah rohimakumulloh!
Unggal waktos urang sok pendak sareung kecap rahmat Allah khususna upama natara urang jeung urang silih du’akeun anu unggelna “mudah-mudahan kengeng rahmat Allah”. Naon atuh ari rahmat Allah teh? Rahmat Allah ceuk basa artina kanyaah atawa kadeudeuh Allah ka makhluk-Na khususna anu ngaran manusa. Ku sabab kitu tangtu satiap manusa baris ngarepkeun ayana ieu rahmat Allah anu tumiba ka manehna, komo jalma mu’min unggal waktu ngadu’a sangkan allah swt. Ngalungsurkeun rahmat-Na boh lahir atawa batin, dunya rawuh aherat.
Tapi kedah diemut yen allah parantos netepkeun sababaraha syarat pikeun meunangkeun eta rahmat Allah, tanpa nyukupan jeung nyumponan ieu syarat tong ngarepkeun meunang rahmat Allah.
Para wargi kaum muslimin, mangga urang perhatoskeun dawuhan Allah dina Surat At-Taubah ayat 20-21:
tûïÏ%©!$# (#qãZtB#uä (#rãy_$ydur (#rßyg»y_ur Îû È@Î6y «!$# ôMÏlÎ;ºuqøBr'Î/ öNÍkŦàÿRr&ur ãNsàôãr& ºpy_uyŠ yYÏã «!$# 4 y7Í´¯»s9'ré&ur ç/èf tbrâͬ!$xÿø9$# ÇËÉÈ   öNèdçŽÅe³t6ムOßgš/u 7pyJômtÎ/ çm÷YÏiB 5bºuqôÊÍur ;M»¨Zy_ur öNçl°; $pkŽÏù ÒOŠÏètR íOŠÉ)B ÇËÊÈ    
“jalma-jalma anu ariman, anu halijrah, jeung anu jihad ti jalan Allah boh ku hartana atawa jiwana baris meunang darajat anu luhung di sisi Allah, tah anu karitu anu meunang kabagjaan. Mere pangbubungah ka maranehna Allah ku mangrupa rahmat ti mantenna sareung karidoan, sareung surga; maranehna didinya meunang ni’mat anu tetep.”
Hadirin sadaya, nurutkeun ieu ayat, pikeun meunangkeun rahmat Allah teh kudu ngabogaan 3 syarat nyaeta kudu iman, kudu hijrah, kudu jihad fii sabiilillaah.
Nu kahiji Iman, Iman nurutkeun basa hartina ngabenerkeun ku hate, kedal ku lisan, jeung amal ku anggota.” Ku lantaran kitu iman teh lain ngan sakadar percaya, tapi iman kudu dibarengan ku amal soleh, iman lain lamunan tapi iman teh naon-naon anu ngancik dina hate bari dibuktikeun ku amal perbuatan.
Syarat anu kadua pikeun ngamilik rahmat Allah nyaeta kudu daek hijrah . hijrah ceuk basa hartina ninggalkeun hiji pagawean, atawa pindah ti hiji tempat ka tempat sejen. Hijrah ceuk syara’ nyaeta ninggalkeun sagala pagawean anu dilarang ku allah, pindah kana sagala pagawean anu dipiwarang ku Allah.
Syarat anu katilu nyaeta kudu Jihad Fii sabiilillaah. Jihad ceuk basa hartina soson-soson namplokkeun sagala tanaga jeung kakuatan pikeun ngalawan musuh. Musuh anu kudu disanghareupan teh nurutkeun Islam aya 4, nyaeta: 1) Nafsu sorangan, 2) Setan, 3) Jalma kafir, 4) Golongan jalma anu Munafik
Hadirin sidang jum’ah anu mulya
Allah swt ngajangjikeun pikeun jalma-jalma anu ngalaksanakeun 3 perkara tadi nyaeta Iman, Hijrah jeung Jihad kumangrupa 5 kauntungan nyaeta baris dipasihan pangkat anu luhur disisi Allah, dipasihan kabagjaan, rahmat, sareung karidoan Allah sarta Surgana Allah. Mudah-mudahan Allah swt masihan hidayah ka urang sadaya sangkan ngagaduhan iman anu kuat, tiasa ngalaksanakeun hijjrah qalbi, sareung ngagaduhan sumanget Jihad Fii sabiilillaah. Amin yaa robbal alamin.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْم. وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ بِاْلاَيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ

Tidak ada komentar:

Posting Komentar