Kamis, 20 Agustus 2015

KHUTBAH JUM'AT: ROMADHON

Jum’at, 19 Juni 2015/
ROMADHON   
اَلْحَمْدُ لِلهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُوْهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ سُرُوْرِ اَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ اَعْمَالِنَا مَنْ يَّهْدِى اللهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُّضْلِلْهُ فَلَا هَادِيَ لَهُ. اَشْهَدُ اَنْ لَّااِلَهَ اِلَّااللهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى هَذَا النَّبِيِّ الْكَرِيْمِ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّا بَعْدُ, فَيَااَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَاِنَّهُ يُحِبُّ الْمُتَّقِيْنَ.
Sadaya Puji kagungan Alloh Rabbul Alamin. Urang manjatkeun rasa Syukur ka Alloh SWT. Kalayan Rohmat sareng Izin Alloh, Alhamdulillah urang sadayana masih dipaparinan yuswa oge kasehatan dugikeun ka dinten iyeu dinten Jum'at anu pinuh ku kamuliaan.


Saparantosna muji-muja ka Hadirot Ilahi Robbi, Shalawat sinareng salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, Oge ka sadaya kulawargina, ka para Sahabatna, sareng ka sadaya pengikutna dugikeun ka akhir zaman. Amin ya robbal alamin. Henteu aya anu langkung pantes Dina kasempatan Jum'at iyeu kecuali urang saling nasehatkeun dina wasiat taqwa, khususna kanggo diri simkuring pribadi sareng umumna kasadaya jama'ah, hayu urang sami-sami Taqwa ka Alloh SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna. Kumargi mung ku taqwa-taqwana jalan kasalametan dunya-akherat.

Hadirin sidang jum’ah rohimakumulloh!
Alhamdulillah urang sadayana parantos dugi kana sasih anu diantos-antos kasumpinganana ku sakabeh umat Islam, hiji sasih anu mulya tur agung, hiji sasih anu suci, sasih anu diwajibkeun shaum nyaeta sasih Romadhon.
Umat islam mapag ieu sasih ku kagumbiraan lantaran ibadah saum teh kacida ageung mangfaatna pikeun kahirupan dunyawiyah nyakitu ukhrowiyah, mangfaat keur lahiriah pon nyakitu deui batinna, anu ngarupakeun hikmah tina ibadah saum dina eta sasih.
Dina awal khutbah ieu mangga urang sami-sami nafakuran ayat suci Al-Qur’an anu marentahkeun saum, nyaeta salah sahijina ayat anu biasana kakuping dina awal sasih Romadhon, nyaeta:
“he jalma-jalma anu ariman! Diwajibkeun ka aranjeun saum sakumaha geus diwajibkeun ka jalma-jalma samemeh aranjeun sangkan saranjeun jadi jalma anu taqwa (Al-Baqarah: 183)
Teu kirang ti tilu maksad anu dikandung ku ieu ayat, nyaeta:
1.       Anu meunang panggilan pikeun ngalakukeun saum teh ngan umat manusa anu iman wungkul. Tegesna teu sakabeh umat manusa dipanggil ku ayat ieu. Kaum muslimin meunang panghargaan ti Alloh, sabab nu sejen mah teu kapanggil, kumargi sakitu sakuduna umat islam anu bener-bener iman mapag ieu sasih ku kasampurnaan ibadah saum.
2.       Yen ieu ibadah saum teh salian tidiwajibkeun ka umat Nabi Muhammad SAW oge pernah diwajibkeun ka umat-umat baheula, ieu hiji bukti universalna Islam, sabab salah sahiji ajaranana nyaeta saum aya patula-patalina jeung ajaran agama tibaheula, anu hakekatna mah agama anu geus tiheula teh Islam keneh.
3.       Maksad anu katilu tina ayat tadi nyaeta ngebrehkeun tujuan poko anu kudu dihontal ku ibadah saum nyaeta la’allakum tattaquun, sangkan aranjeun taqwa.taqwa teh lain jaga diakherat tapi ayena di dunya anu direalisasikeun dina kahirupan sapopoe, boh dina bulan Romadon nyakitu deui dina bulan-bulan sejenna.
Hadirin sidang jum’ah anu mulya
Salah sahiji anjuran Kangjeung Nabi Muhammad SAW malah ngajadi katangtuan dina saum nyaeta tuang sahur. Dawuhan anjeuna:
تَسَحَّرُوْا فَإِنَّ فِى السَّحُوْرِ بَرَكَةً
Prak geura sahur aranjeun sabab saenyana dina sahur teh aya kaberkahan (HR. Bukhari Muslim)

Mudah-mudahan Allah swt masihan taufik sareung hidayah ka urang sadayana sahingga dina ieu sasih anu mulya tiasa ngalaksanakeun ibadah saum anu saleresna, sangkan darajat taqwa anu ngarupakeun buah tina ibadah saum tiasa kapimilik ku urang sadaya. Amin yaa robbal alamin.


 
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْم. وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ بِاْلاَيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ

Tidak ada komentar:

Posting Komentar