Jum’at, 21 Agustus
2015/
NGABANGUN AKHLAK
اَلْحَمْدُ لِلهِ الَّذِيْ خَلَقَ الْاَرْضَ وَالسَّموَاتِ,
وَالَّذِيْ اَمَرَنَا بِاَنْ نَعْمَلَ الصَّالِحَاتِ.لِتَكُوْنَ نَافِعَةً لَّنَا
فِى الْحَيَاةِ وَبَعْدَ الْمَمَاتِ. واَشْهَدُ اَنْ لَّااِلَهَ اِلَّااللهُ
وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ فَصَلِّ
وَسَلِّمْ عَلَى هَذَا النَّبِيِّ الْكَرِيْمِ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَهْلِ
الْفَضْلِ وَالْكَرَامَاتِ. اَمَّا بَعْدُ, فَيَااَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ
اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَاِنَّهُ يُحِبُّ الْمُتَّقِيْنَ.
Saparantos muji syukur ka hadirot Alloh SWT Shalawat sinareng salam
mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Kanjeng Nabi
Muhammad SAW, sarta kulawargina, ka para Sahabatna, sareng ka sadaya pengikutna
dugikeun ka akhir zaman. Amin ya robbal alamin. Simkuring salaku khotib khususna kanggo diri
simkuring pribadi sareng umumna kasadaya jama'ah, supaya Taqwa ka Alloh SWT, sabab
mung ku taqwa urang salamet dunya-akherat.
Hadirin sidang jum’ah rohimakumulloh!
Urang sadaya ayeuna aya dina alam pembangunan. Dimana-mana urang
nyaksikeun jal-jalma napsu kana pembangunan. Lain di kota-kota wae tapi
dikampung-kampung oge sarua. Memang kacida pisan atohna urang nyaksikeun
pembangunan anu sakitu terehna. Ngan hanjakalna urang dina ngawangun akhlak
kacida pisan mundurna padahal ngawangun rohani oge kaasup penting pisan. Jadi, bangunan
rohani ieu memang penting pisan, sabab kamajuan bangsa tergantung kana akhlakna
eta bangsa. Nabi Muhammad tos ngadawuh dina Alhadisna:
اِذَاظَهَرَتِ الْفَاحِشَةُ جَاءَتِ الرَّجْفَةُ
“Lamun maksiat geus merajalela maka bakal datang
kakacowan-kakacowan”
Jadi, lamun
urang ngabangun gedong-gedong wungkul henteu jeung ngabangun ahlak maka ahirna
urang bakal ambruk. Urang saolah-olah ngabangun disisi gawir anu lewang. Anu ahirna
eta bangunan bakal runtuh.
Alloh swt
ngadawuh dina Al-Qur’an surat At-Taubah/09 ayat 109:
أَفَمَنْ أَسَّسَ بُنْيَانَهُ عَلَىٰ تَقْوَىٰ مِنَ اللَّهِ
وَرِضْوَانٍ خَيْرٌ أَمْ مَنْ أَسَّسَ بُنْيَانَهُ عَلَىٰ شَفَا جُرُفٍ هَارٍ فَانْهَارَ
بِهِ فِي نَارِ جَهَنَّمَ ۗ وَاللَّهُ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الظَّالِمِينَ
“mana anu leuwih alus, urang ngabangun bangunan kudasar taqwa ka
Allah swt jeung karidoanana atawa jalma anu ngabangun bangunan bangunan disisi
gawir anu ahirna tikecemplung ka Naraka Jahanam.”
Cobi urang perhatoskeun ku urang sadaya ayat suci Al-Qur’an anu
ngajelaskeun ka urang kumaha balukarna umat atawa bangsa anu ngan saukur
ngabangun bidang materiil wungkul:
öNs9r&
ts?
y#øx.
@yèsù
y7/u
>$yèÎ/
ÇÏÈ tPuÎ)
ÏN#s
Ï$yJÏèø9$#
ÇÐÈ ÓÉL©9$#
öNs9
÷,n=øä
$ygè=÷WÏB
Îû
Ï»n=Î6ø9$#
ÇÑÈ yqßJrOur
tûïÏ%©!$#
(#qç/%y`
t÷¢Á9$#
Ï#uqø9$$Î/
ÇÒÈ tböqtãöÏùur
Ï
Ï$s?÷rF{$#
ÇÊÉÈ tûïÏ%©!$#
(#öqtósÛ
Îû
Ï»n=Î6ø9$#
ÇÊÊÈ (#rãsVø.r'sù
$pkÏù
y$|¡xÿø9$#
ÇÊËÈ ¡=|Ásù
óOÎgøn=tæ
y7/u
xÞöqy
A>#xtã
ÇÊÌÈ ¨bÎ)
y7/u
Ï$|¹öÏJø9$$Î7s9
“naha anjeun teu merhatikeun kumaha Allah swt tos ngabinasakeun
bangsa Ad jeung bangsa Irom anu tadina mewah ngabogaan bangunan-bangunan anu
can pernah aya tandinganana di nagara-nagara sejen, jeung kaum tsamud anu
ngabogaan kakuatan, kapinteran jeung kamajuan nepi ka bisa mindahkeun batu-batu
anu galede ti gunung-gunung ka kota-kota maranehna. Jeung kaum Fir’aun anu
ngabogaan bangunan-bangunan anu kuat, tapi kusabab maranehna ngabangun
gedong-gedong wungkul henteu ngabangun akhlak anu ahirna pammingpin-pamingpin
maranehna jeung pajabat-pajabatna ngajaralankeun kajahatan-kajahatan jeung
kamaksiatan-kamaksiatan. Maka ahirna Allah swt nurunkeun bala jeung siksaan ka
eta kota-kota nepika ancur kabeh teu aya sesana. Ari allah swt eta salamina anu
nitenan.”
Hadirin sidang jum’ah anu mulya
Tah kitu nasibna bangsa anu teu ngabangun ahlak. Mudah-mudahan urang
sadayana dipasihan ku Allah swt ahlak anu sae. Amin yaa robbal alamin.
بَارَكَ اللهُ
لِيْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْم. وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ بِاْلاَيَاتِ
وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ
هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ
Tidak ada komentar:
Posting Komentar