Jum’at, 22
Mei 2015/
TUJUAN HIRUP MANUSA
اَلْحَمْدُ لِلهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُوْهُ
وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ سُرُوْرِ اَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ اَعْمَالِنَا مَنْ
يَّهْدِى اللهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُّضْلِلْهُ فَلَا هَادِيَ لَهُ.
اَشْهَدُ اَنْ لَّااِلَهَ اِلَّااللهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ
وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى هَذَا النَّبِيِّ الْكَرِيْمِ
وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّا بَعْدُ, فَيَااَيُّهَا
الْحَاضِرُوْنَ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَاَحُثُّكُمْ عَلَى
طَاعَتِهِ.
Sadaya Puji kagungan Alloh Rabbul Alamin. Urang manjatkeun rasa Syukur
ka Alloh SWT. Kalayan Rohmat sareng Izin Alloh, Alhamdulillah urang sadayana
masih dipaparinan umur dugikeun ka dinten iyeu dinten Jum'at anu pinuh ku
kamuliaan.
Saparantosna muji-muja ka Hadirot Ilahi Robbi, Shalawat sinareng salam
mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Kanjeng Nabi
Muhammad SAW, Oge ka sadaya kulawargina, ka para Sahabatna, sareng ka sadaya
pengikutna dugikeun ka akhir zaman. Amin ya robbal alamin. Henteu aya anu langkung pantes Dina kasempatan
Jum'at iyeu kecuali urang saling nasehatkeun dina wasiat taqwa, khususna kanggo
diri simkuring pribadi sareng umumna kasadaya jama'ah, hayu urang sami-sami
Taqwa ka Alloh SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna. Kumargi mung ku
taqwa-taqwana jalan kasalametan dunya-akherat.
Hadirin sidang jum’ah rohimakumulloh!
Urang sadayana salaku umat
manusa, kudu rumasa pisan yen gubragna urang ka alam dunya teh dikersakeun ku
Alloh SWT. Sabab lamun lahirna ka ieu alam dunya ku tarekahna indung-bapa
urang, tinangtu urang bisa milih rupa pangadeg katut kelirna. Sakabeh manusa
geus ijma yen euweuh saurang oge anu bakal daek milih goreng rupa, tapi kusabab
lain kahayang urang, ieu papasten teh teu bisa ditolak.
هُوَ الَّذِيْ يُصَوِّركُمْ فِى الْاَرْحَامِ كَيْفَ
يَشَاءُ
Nya
Mantena (Allah) anu nyiptakeun aranjeun dina rahim kalawan sakapalay Mantena
Hadirin Kaum Muslimin! Naon maksadna Alloh nyiptakeun manusa? Atawa
naon tujuanana? Ieu pertanyaan moal aya bisa nu ngajawab. Hiji-hijina anu tiasa
ngajawab, taya sanes iwal ti Alloh SWT. Dawuhan Alloh swt.
وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَاْلاِنْسَ اِلاَّلِيَعْبُدُوْنَ
Henteu Kami nyiptakeun golongan
jin jeung manusa anging supaya aribadah ka Kami.”
Hadirin! Ibadah teh disagigireun sholat, puasa jeung sajabana, seueur
deui ibadah anu sanesna. Sakumaha sasauran ulama:
اَلْعِبَادَةُ اِسْمٌ جَامِعٌ لِمَا يُحِبُّهُ وَيَرْضَاهُ
قَوْلًا كَانَ اَوْفِعْلًا
“ari anu kasebut ibadah teh
nyaeta sakabeh kecap atawa lampah anu dipikarido tur dipikacinta ku Alloh swt.”
Jadi, jelas yen tujuan hirup
manusa, pangna didamel ku Alloh swt teh supaya ngabaktikeun dirina, ibadah ka
Alloh SWT.
Maka ahirna sakabeh manusa bakal
maot, jeungna engke di yaumil kiamah bakal dibangkitkeun, dihirupkeun deui,
keur nanggungjawab amal-amal anu geus dipigawe dialam dunya ieu.
Sing saha anu beurat timbangan
amalna kana kasaean, maka jalma anu model kitu jalma anu untung
Sing saha anu hampang timbangan
amalna atawa loba dosana, maka eta jalma rugi. Maranehanana langgeng dina
naraka. Kumargi kitu urang hirup dialam dunya ieu ulah nepika poho ka Alloh
swt. Poho kana ibadah akhirna urang cilaka dunya aherat.
Hadirin sidang jum’ah anu mulya
Mudah-mudahan urang sadayana sing tiasa ngalakksanakeun ibadah anu
sakumaha mistina. Amin yaa robbal alamin.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar