Senin, 30 Maret 2020

Khutbah Jumat Sunda: Amal anu Paling Utama


Khutbah Jumat Sunda: Amal anu Paling Utama
Jum'at, 21 Februari 2020

اَلْحَمْدُ لِلهِ الَّذِيْ وَفَّقَ مَنْ شَاءَ مِنْ خَلْقِهِ بِفَضْلِهِ وَكَرَمِهِ، وَخَذَلَ مَنْ شَاءَ مِنْ خَلْقِهِ بِمَشِيْئَتِهِ وَعَدْلِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لَّا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَلَا شَبِيْهَ وَلَا مِثْلَ وَلَا نِدَّ لَهُ، وَلَا حَدَّ وَلَا جُثَّةَ وَلَا أَعْضَاءَ لَهُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا وَحَبِيْبَنَا وَعَظِيْمَنَا وَقَائِدَنَا وَقُرَّةَ أَعْيُنِنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ،وَصَفِيُّهُ وَحَبِيْبُهُ. اَللهم صَلِّ وَسَلِّمَ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدِ بْنِ عَبْدِ اللهِ، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ وَّالَاهُ، وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ، وَلَا حَوْلَ وَلَا قُوَّةَ إِلَّا بِاللهِ.  أَمَّابَعْدُ، فَإِنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ الْقَائِلِ فِيْ مُحْكَمِ كِتَابِهِ: يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَكُونُوا مَعَ الصَّادِقِينَ (التوبة: ١١٩(
Saparantos muji syukur ka hadirot Alloh SWT Shalawat sinareng salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, sarta kulawargina, ka para Sahabatna, sareng ka sadaya pengikutna dugikeun ka akhir zaman. Amin ya robbal alamin. Simkuring salaku khotib khususna kanggo diri simkuring pribadi sareng umumna kasadaya jama'ah, supaya Taqwa ka Alloh SWT, sabab mung ku taqwa urang salamet dunya-akherat.


Hadirin rohimakumulloh,
Amal anu hade ayakalana dilakukeun ku anggota badan (a'malul jawarih) saperti Sholat, Zakat, Puasa, Haji, Shodakoh, Baca Qur'an jeung sajabana. Ayakalana ogè dilakukeun amal hade tèh ku hate (a'malul Qalb), Saperti kawajiban iman, ikhlas, tawakal jeung anu lianna. Diantara sakabeh amal, boh anu nampak atawa amal hate, anu utama jeung pang muliana nyaeta Iman ka Alloh sareung ka Rosul-Na. Al Bukhori dina Shohina ngariwayatkeun ti shohabat Abu Hurairah ra. Rosululloh ditaros: "Amal naon anu paling utama?" Maka Nabi ngawaler
إِيْـمَانٌ بِاللهِ وَرَسُوْلِهِ (رَوَاهُ الْبُخَارِيُّ(
Hartosna: Iman ka Alloh jeung ka Rosul Na (HR. Al Bukhori).
Jadi anu paling utamana sacara mutlak nyaeta Iman ka Alloh jeung ka Rosul Na. Tanpa iman, hiji hamba moal bisa ngahontal darajat takwa. Amal sholeh anu dibangun dina pondasi iman bakal ngabentuk bangunan takwa.
Iman tèh mangrupakeun syarat ditarimana amal sholeh. Sok sanajan amal sholehna pohara tapi moal aya nilaina lamun teu di dasaran ku iman.

Hadirin sidang jum’ah anu mulya
Iman ka Alloh nyaeta ngayakinkeun tanpa aya saeutik ogè kamangmangan dina hate, teu aya anu nyamian ka Alloh, mung Alloh dzat anu wajib di sembah. Alloh anu nakdirkeun sagala perkara. Alloh ngadawuh:
لَيْسَ كَمِثْلِهِ شَيْءٌ وَهُوَ السَّمِيعُ الْبَصِيرُ (الشورى: ١١(

Hadirin
Ari iman ka Rosululloh saw nyaeta ngayakinkeun kalayan pasti tanpa aya ka mangmangan saeutik ogè, yen kangjeung Nabi Muhammad saw eta utusan Alloh, jujur dina ngadugikeun sagala hal ti Alloh, boh dina nepikeun perkara halal-haram, perkara anu ghoib saperti Malaikat, Para Nabi ogè Rosul sarta umat anu kapungkur. Peristiwa peristiwa anu bakal kaalaman dialam barzakh jeung akherat, atawa kayakinan yen sagala kajadian anu terjadi tèh eta takdir jeung katangtuan Alloh swt. Nabi Saw henteu pernah salah, Alloh nguatkeun Nabi Muhammad Saw ku mukjizat mukjizat anu luar biasa, anu nunjukeun kanabian sareung ka Rosulana. Sapertos para Nabi sareung Rosul anu sanesna, Alloh ngahias ka Nabi ku mangrupi rupi sifat Jujur, Amanah, karaksa tina hal hal anu hina. Kangjeung Nabi marentahkeun kaurang supaya nyekel pageuh Agama Islam, hiji hijina agama anu diridhoan ku Alloh swt.

Hadirin sidang jum’ah rohimakumulloh!
Akhirna hayu urang ngadu'a ka Alloh swt supaya ditetepkeun Iman ogè Islam dugika Akhir hayat sahingga urang maot dina kaayaan husnul khotimah. Amiin.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْم. وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ بِاْلاَيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ

#khutbah sunda, #contoh khutbah sunda, #khutbah Jum’at  2020

Tidak ada komentar:

Posting Komentar