Senin, 30 Maret 2020

Khutbah Jum'at Sunda, NGABANGUN AKHLAK


Jum’at, 17 Januari 2020
Khutbah Jum'at Sunda, NGABANGUN AKHLAK     
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ, وَالْعَاقِبَةُ لِلْمُتَّقِيْنَ. وَلَا عُدْوَانَ اِلَّا عَلَى الظَّالِمِيْنَ. اَشْهَدُ اَنْ لَّااِلَهَ اِلَّااللهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى هَذَا النَّبِيِّ الْكَرِيْمِ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّا بَعْدُ, فَيَااَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَاَحُثُّكُمْ عَلَى طَاعَتِهِ. فقال الله تعالى في كتابه الكريم أعوذ بالله من الشيطان الرجيم لَقَدْ خَلَقْنَا الإنْسَانَ فِي أَحْسَنِ تَقْوِيمٍ
Saparantos muji syukur ka hadirot Alloh SWT Shalawat sinareng salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, sarta kulawargina, ka para Sahabatna, sareng ka sadaya pengikutna dugikeun ka akhir zaman. Amin ya robbal alamin. Simkuring salaku khotib khususna kanggo diri simkuring pribadi sareng umumna kasadaya jama'ah, supaya Taqwa ka Alloh SWT, sabab mung ku taqwa urang salamet dunya-akherat.


Hadirin sidang jum’ah rohimakumulloh!
Urang sadaya ayeuna aya dina alam pembangunan. Dimana-mana urang nyaksikeun jal-jalma napsu kana pembangunan. Lain di kota-kota wae tapi dikampung-kampung oge sarua. Memang kacida pisan atohna urang nyaksikeun pembangunan anu sakitu terehna. Ngan hanjakalna urang dina ngawangun akhlak kacida pisan mundurna padahal ngawangun rohani oge kaasup penting pisan. Jadi, bangunan rohani ieu memang penting pisan, sabab kamajuan bangsa tergantung kana akhlakna eta bangsa. Nabi Muhammad tos ngadawuh dina Alhadisna:
اِذَاظَهَرَتِ الْفَاحِشَةُ جَاءَتِ الرَّجْفَةُ
“Lamun maksiat geus merajalela maka bakal datang kakacowan-kakacowan”
Jadi, lamun urang ngabangun gedong-gedong wungkul henteu jeung ngabangun ahlak maka ahirna urang bakal ambruk. Urang saolah-olah ngabangun disisi gawir anu lewang. Anu ahirna eta bangunan bakal runtuh.
Alloh swt ngadawuh dina Al-Qur’an surat At-Taubah/09 ayat 109:
أَفَمَنْ أَسَّسَ بُنْيَانَهُ عَلَىٰ تَقْوَىٰ مِنَ اللَّهِ وَرِضْوَانٍ خَيْرٌ أَمْ مَنْ أَسَّسَ بُنْيَانَهُ عَلَىٰ شَفَا جُرُفٍ هَارٍ فَانْهَارَ بِهِ فِي نَارِ جَهَنَّمَ ۗ وَاللَّهُ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الظَّالِمِينَ
“mana anu leuwih alus, urang ngabangun bangunan kudasar taqwa ka Allah swt jeung karidoanana atawa jalma anu ngabangun bangunan bangunan disisi gawir anu ahirna tikecemplung ka Naraka Jahanam.”
Cobi urang perhatoskeun ku urang sadaya ayat suci Al-Qur’an anu ngajelaskeun ka urang kumaha balukarna umat atawa bangsa anu ngan saukur ngabangun bidang materiil wungkul:
أَلَمْ تَرَ كَيْفَ فَعَلَ رَبُّكَ بِعَادٍ (6) إِرَمَ ذَاتِ الْعِمَادِ (7) الَّتِي لَمْ يُخْلَقْ مِثْلُهَا فِي الْبِلَادِ (8) وَثَمُودَ الَّذِينَ جَابُوا الصَّخْرَ بِالْوَادِ (9) وَفِرْعَوْنَ ذِي الْأَوْتَادِ (10) الَّذِينَ طَغَوْا فِي الْبِلَادِ (11) فَأَكْثَرُوا فِيهَا الْفَسَادَ (12) فَصَبَّ عَلَيْهِمْ رَبُّكَ سَوْطَ عَذَابٍ (13) إِنَّ رَبَّكَ لَبِالْمِرْصَادِ (14)
 “naha anjeun teu merhatikeun kumaha Allah swt tos ngabinasakeun bangsa Ad jeung bangsa Irom anu tadina mewah ngabogaan bangunan-bangunan anu can pernah aya tandinganana di nagara-nagara sejen, jeung kaum tsamud anu ngabogaan kakuatan, kapinteran jeung kamajuan nepi ka bisa mindahkeun batu-batu anu galede ti gunung-gunung ka kota-kota maranehna. Jeung kaum Fir’aun anu ngabogaan bangunan-bangunan anu kuat, tapi kusabab maranehna ngabangun gedong-gedong wungkul henteu ngabangun akhlak anu ahirna pammingpin-pamingpin maranehna jeung pajabat-pajabatna ngajaralankeun kajahatan-kajahatan jeung kamaksiatan-kamaksiatan. Maka ahirna Allah swt nurunkeun bala jeung siksaan ka eta kota-kota nepika ancur kabeh teu aya sesana. Ari allah swt eta salamina anu nitenan.”
Hadirin sidang jum’ah anu mulya

Tah kitu nasibna bangsa anu teu ngabangun ahlak, terutamina akhlak batin. Mudah-mudahan urang sadayana tiasa nyonto akhlak rosululloh saw. Amin yaa robbal alamin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْم. وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ بِاْلاَيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ

#khutbah sunda, #contoh khutbah sunda, #khutbah Jum’at 2020


Tidak ada komentar:

Posting Komentar