Jum’at,
19 Juli 2019
Khutbah Jum'at Sunda, NINGKATKEUN IBADAH DINA BULAN
SYAWAL
Khutbah I
الحَمْدُ لِلهِ الَّذِيْ
خَلَقَ الزّمَانَ وَفَضَّلَ بَعْضَهُ عَلَى بَعْضٍ فَخَصَّ بَعْضُ الشُّهُوْرِ
وَالأَيَّامِ وَالَليَالِي بِمَزَايَا وَفَضَائِلِ يُعَظَّمُ فِيْهَا الأَجْرُ والحَسَنَاتُ.
أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ
أَنَّ سَيِّدَنا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى بِقَوْلِهِ
وَفِعْلِهِ إِلَى الرَّشَادِ. اللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ علَى عَبْدِكَ
وَرَسُوْلِكَ مُحَمّدٍ وَعَلَى آلِه وأصْحَابِهِ هُدَاةِ الأَنَامِ في أَنْحَاءِ
البِلاَدِ. أمَّا بعْدُ، فيَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا اللهَ تَعَالَى بِفِعْلِ
الطَّاعَاتِ
فَقَدْ قَالَ اللهُ
تَعَالىَ فِي كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ:
إِنَّ عِدَّةَ الشُّهُورِ
عِنْدَ اللَّهِ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا فِي كِتَابِ اللَّهِ يَوْمَ خَلَقَ
السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضَ مِنْهَا أَرْبَعَةٌ حُرُمٌ. وقال أيضًا: إِنَّ أَوَّلَ
بَيْتٍ وُضِعَ لِلنَّاسِ لَلَّذِي بِبَكَّةَ مُبَارَكًا وَهُدًى لِلْعَالَمِينَ،
فِيهِ آيَاتٌ بَيِّنَاتٌ مَقَامُ إِبْرَاهِيمَ وَمَنْ دَخَلَهُ كَانَ آمِنًا
وَلِلَّهِ عَلَى النَّاسِ حِجُّ الْبَيْتِ مَنِ اسْتَطَاعَ إِلَيْهِ سَبِيلًا
وَمَنْ كَفَرَ فَإِنَّ اللَّهَ غَنِيٌّ عَنِ الْعَالَمِينَ
Sadaya Puji kagungan
Alloh Rabbul Izzati. Hayu urang manjatkeun syukur ka Mantena. Sabab kalayan
qudrat sareng iradatna, alhamdulillah urang sadayana masih dipaparinan umur
dugika dinten iyeu, nyaeta dinten Jum'at anu pinuh ku kamuliaan. Shalawat
sinareng salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya,
Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka sadaya kulawargina, para Sahabatna, sareng ka
sadaya pengikutna dugikeun ka akhir zaman, oge mudah-mudah urang sadayana
kengeng syaatul udma ti anjeuna. Amin Ya Robbal Alamin. Henteu aya anu langkung
pantes dina kasempatan Jum'at ieu kecuali urang saling nasehatkeun dina wasiat
taqwa, khususna kanggo diri simkuring pribadi sareng umumna kasadaya jama'ah,
hayu urang sami-sami Taqwa ka Alloh SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna.
Nyaeta kujalan, ngalaksanakeun naon rupi anu diparentahkeun ku Alloh SWT, sareng
nebihan sagala rupi anu dilarang-Na.
Hadirin Kaum Muslimin
Rahimakumullah
Diantara tinu lima rukun islam, haji
ngarupakeun ibadah anu kagolongkeun “mewah jeung beurat”. Lain ngan saukur
merlukeun ongkos anu mahal keur kalolobaana jalma, tapi dina ngalaksanakeuna ge
ngabutuhkeun waktu jeung kakuatan anu cukup lumayan. Kasadaran wajibna ibadah
haji oge nentukeun berangkatna ngalaksanakeun ibadah haji, teu saeutik anu
beunghar tapi teu daek ibadah haji. Tapi sabalikna teu saeutik oge jalma anu
teu mampu sacara ekonomi pas pasan mampu ibadah haji. Ku hal eta ibadah haji
jarang kalaksanakeuna dibanding jeung rukun islam anu sejena, boh dihaja atawa
aya udur syar’i.
Ramena ibadah haji
biasana ti bulan syawal jeung bulan Dzulqa’dah satuluyna di bulan dzulhijjah.
Dzulhijjah jeung bahasa nyaeta bulan haji.
Jama’ah shalat Jumat anu dimuliakeun
Allah,
Kawajiban haji salah
sawiosna nyaeta dina ayat:
وَلِلّٰهِ عَلَى النَّاسِ حِجُّ
الْبَيْتِ مَنِ اسْتَطَاعَ إِلَيْهِ سَبِيلًا
Ayat ieu
ngajantenkeun penjelasan tina kawajiban ngalaksanakeun ibadah haji jang nu
mampuh. Mampuh tina segi ekonomi, kasehatan fisik, transportasi, kaamanan,
jeung saterusna. Dumasar kana (مَنِ
اسْتَطَاعَ إِلَيْهِ سَبِيلًا).
Urang sok terkadangan poho kana kalimat anu di awal nyaeta (لِلّٰهِ) Kalimat “Lillah” dina
ayat eta ngarupakeun ruhna tina ibadah haji. Sakumaha mampuhna hiji jalma kudu
mantengkeun hatena, ngabenerkeun niatna dimana ibadah haji teh tujuana nyaeta
Alloh subhanahu wata’ala. Teu saeutik anu ibadah haji niatna hayang naekeun kelas
sacara sosial, atawa ibadah haji mung saukur niatna pelesiran, jalan-jalan
jeung senang-senang. Bisa ka Mekah, Madinah, Arofah, panyakit hate anu biasana muncul nyaeta riya,
mubazir, jeung nu liana deui.
Imam al-Ghozali
ngadawuh: dimana hiji jalma nepi ka kota Mekkah saena ngalaksanakeun
etika-etika anu pantes. Seperti dimana asup ka Masjidil Harom pinuh ku rasa
ta’dim. Nyaksikeun Ka’bah bari takbir jeung tahlil jeung saterusna. Intina adab
kasopanan anu dipunculkeun nyaeta sikep handap asor, depe-depe, sopan, ikhlas
anu dipika rido ku Alloh swt
Hadirin Kaum Muslimin
Rahimakumullah
Dimana anu berangkat ibadah haji geus
salah niat, maka akibatna nyaeta karugian anu kacida poharana, ngemutkeun kana
pengorbanan anu dipake ibadah haji anu sakitu mahalna, sacara fiqih mungkin wae
sah, tapi sacara hakiki bisa jadi keropos, boh samemeh berangkat haji, diaman
ngalaksanakeun ibadah haji oge dina saba’dana ngalaksanakeun haji. Hal ieu anu
ku urang kedah di perhatoskeun leres-leres.
Ka
urang anu karek hayang ibadah haji, ikhtiar dikawitan tina memeres niat, bari
dibarengan ku nyiapkeun kabutuhan-kabutuhan anu sejena oge teu leupas tina
ngadu’a ka Alloh swt. Mudah-mudahan urang sadaya kalebet jalmi-jalmi anu
dipaparinan kasempetan ku Alloh ngalaksanakeun ibadah haji, ka Baitulloh,
ziarah ka makomna kangjeung rosululloh saw. Oge ka wargi-wargi urang, ka
guru-guru urang anu nuju siap-siap pikeun ngalaksanakeun ibadah haji,
mudah-mudahan dipaparin kalancaran, oge janten haji anu mabrur. Amin ya robbal
alamin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ
وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْم. وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ بِاْلاَيَاتِ
وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ
هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ,
#khutbah sunda, #contoh khutbah
sunda, #khutbah Jum’at
Tidak ada komentar:
Posting Komentar