Jum’at,
18 Januari 2019
TUJUAN IBADAH
اَلْحَمْدُ
لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ, وَالْعَاقِبَةُ لِلْمُتَّقِيْنَ. وَلَا عُدْوَانَ
اِلَّا عَلَى الظَّالِمِيْنَ. اَشْهَدُ اَنْ لَّااِلَهَ اِلَّااللهُ وَاَشْهَدُ
اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى
هَذَا النَّبِيِّ الْكَرِيْمِ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّا
بَعْدُ, فَيَااَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ
وَاَحُثُّكُمْ عَلَى طَاعَتِهِ. فقال الله تعالى في كتابه الكريم أعوذ بالله من
الشيطان الرجيم لَقَدْ
خَلَقْنَا الإنْسَانَ فِي أَحْسَنِ تَقْوِيمٍ
Saparantosna muji syukur ka hadirot Alloh swt. Shalawat
sinareng salamna mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya,
Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka sadaya kulawargina, para Sahabatna, sareng ka
sadaya pengikutna dugikeun ka akhir zaman, oge mudah-mudah urang sadayana
kengeng syafatul udma ti anjeuna. Amin Ya Robbal Alamin. Khotib wasiat,
khususna kanggo diri khotib pribadi sareng umumna kasadaya jama'ah, hayu urang
sami-sami Taqwa ka Alloh SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna. Nyaeta
kujalan, ngalaksanakeun naon rupi anu diparentahkeun ku Alloh SWT, sareng
nebihan sagala rupi anu dilarang-Na. Oge pamudah-mudahan urang sadayana kalebet
jalmi anu taqwa. Amin ya robbal alamin.
Hadirin Kaum Muslimin
Rahimakumullah
Teu
aya hiji rupa ogè anu dilakukeun tanpa tujuan anu tangtu boh tujuan umum atawa
tujuan khusus. Memang loba pisan tujuan diwajibkeunana ibadah saperti loba
rupa-rupa ibadah. Dina kasempatan khutbah ayeuna ki simkuring baris dipayunkeun
3 rupa tujuan utama tina ibadah nyaèta:
Kahiji:
Pikeun mertahankeun martabat manusa anu meunang sebutan makhluk Alloh anu hade,
mulya jeun suci.
Sakumaha
kauninga ku sadayana yen Gusti Alloh geus netepkeun yen manusa tèh makhluk anu
hade mungguh Alloh, hade rupana, adeg pangadegna, hade cara hirup jeung
kabiasaanana upama dibandingkeun jeung makhluk Alloh sejena. Dawuh Alloh swt:
لَقَدْ
خَلَقْنَا الإنْسَانَ فِي أَحْسَنِ تَقْوِيمٍ
"Saenyana
Kami geus nyiptakeun manusa dina adeg pangadeg anu panghadena"
Salian
ti adeg pangadeg anu hade, Alloh swt geus nhamulyakeun manusa sakumaha
pidawuh-Na:
وَلَقَدْ
كَرَّمْنَا بَنِي آدَمَ وَحَمَلْنَاهُمْ فِي الْبَرِّ وَالْبَحْرِ وَرَزَقْنَاهُم مِّنَ
الطَّيِّبَاتِ وَفَضَّلْنَاهُمْ عَلَىٰ كَثِيرٍ مِّمَّنْ خَلَقْنَا تَفْضِيلًا
Al-Isra
ayat 70
Hadirin
kaum muslimin!
Kahadean,
kamulyaan jeung kasucian manusa bisa leungit ku 3 perkara:
1.
Lantaran manusa turut kana napsuna sorangan
Sakumaha
di dawuhkeun ku Gusti Alloh dina Surat Yusuf ayat 53
إِنَّ
النَّفْسَ لَأَمَّارَةٌ بِالسُّوءِ
"Saenyana
ari napsu baris ngadorong kana kagorengan"
2.
Lantaran manusa loba milampah dosa
Dosa
anu dipilampah baris ngaleungitkeun kahadean, kamulyaan jeung kasucian manusa,
dawuhan Alloh swt dina Surat Al Muthaffifiin ayat 14:
كَلَّا
ۖ بَلْ ۜ رَانَ عَلَىٰ قُلُوبِهِم مَّا كَانُوا يَكْسِبُونَ
"Inget
saenyana pagawean dosa maranehna geus nyebabkeun kotorna hate maranehna"
3.
Lantaran ninggalkeun amal sholeh
Dimana
amal sholeh ditinggalkeun ku manusa manehna baris dibalikkeun tina hade jadi goreng. Tina mulya jadi hina, tina suci jadi kotor.
Perhatoskeun dawuhan Alloh swt
ثُمَّ
رَدَدْنَاهُ أَسْفَلَ سَافِلِينَ (٥) إِلَّا الَّذِينَ آمَنُوا وَعَمِلُوا الصَّالِحَاتِ
فَلَهُمْ أَجْرٌ غَيْرُ مَمْنُونٍ
"Tuluy
Kami malikkeun maranehna kana darajat anu panghinana kajaba maranehna anu iman
jeung amal soleh, pikeun maranehna ganjaran anu teu aya wates wangenna."
(Qs. Attin ayat 5-6)
Para
wargi ahli jum'ah rohimakumulloh
Anu
KADUA: tujuan utama tina ibadah nyaèta Nyukseskeun Tugas Khalifah
Manusa
salian ti ibadah tèh ngabogaan tugas salaku khalifah, nyaèta anu ngolah,
ngatur, ngamangfaatkeun atawa ngama'murkeun ieu alam dunya. Alloh ngadawuh:
هُوَ
أَنشَأَكُم مِّنَ الْأَرْضِ وَاسْتَعْمَرَكُمْ فِيهَا
"Anjeuna
anu parantos nyipatkeun manusa jeung ngajadikeun aranjeun salaku tukang
ngaramekeunana" Qs. Hud ayat 61
Anu
KATILU: Pikeun milarian karidoan Alloh SWT
Tujuan
akhir tina sagala rupa ibadah anu dipilampah nyaeta pikeun milarian karidoan
Alloh Swt. Alloh ngadawuh:
إِنَّ
الَّذِينَ آمَنُوا وَعَمِلُوا الصَّالِحَاتِ أُولَٰئِكَ هُمْ خَيْرُ الْبَرِيَّةِ
(7) جَزَاؤُهُمْ عِندَ رَبِّهِمْ جَنَّاتُ عَدْنٍ تَجْرِي مِن تَحْتِهَا الْأَنْهَارُ
خَالِدِينَ فِيهَا أَبَدًا ۖ رَّضِيَ اللَّهُ عَنْهُمْ وَرَضُوا عَنْهُ ۚ ذَٰلِكَ لِمَنْ
خَشِيَ رَبَّهُ
"Saenyana
jalma-jalma anu ariman jeung amal soleh maranehna tèh ngarupakeun makhluk anu
pang hadena. Balesa pikeun maranehna nyaèta surga 'Adn anu cur cor cai
dihandapna, langgeng maranehna di jerona, Alloh rido ka maranehna jeung
maranehna ridho ka Alloh, tah nu kitu ganjaran pikeun jalma anu sieun ku
Pangeranana (Qs. Al Bayyinah 7-8)
Hadirin rohimakumulloh !
Mudah-mudahan
Alloh masihan hidayah ka urang sadaya sangkan tiasa ngalaksanakeun ibadah anu
sakumaha di contokeun ku Kangjeung Nabi. Amin yaa robbal alamin.
بَارَكَ
اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْم. وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ بِاْلاَيَاتِ
وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ
هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ
#khutbah
sunda, #contoh khutbah sunda, #khutbah Jum’at
Tidak ada komentar:
Posting Komentar