Senin, 30 Maret 2020

Khutbah Jum'at Sunda, ISRO’ MI’RAJ


Jum’at, 08 Maret 2019
Khutbah Jum'at Sunda, ISRO’ MI’RAJ
اَلْحَمْدُ لِلهِ عَالِمِ السِّرِّ وَالنَّجْوَى.وَكَاشِفِ الضُّرِّ وَالْبَلْوَى، وَالَّذِيْ اَسْرَى بِعَبْدِهِ لَيْلًا مِنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ اِلَى الْمَسْجِدِ الْاَقْصَى، واَشْهَدُ اَنْ لَّااِلَهَ اِلَّااللهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى هَذَا النَّبِيِّ الْكَرِيْمِ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّا بَعْدُ, فَيَااَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَاِنَّهُ يُحِبُّ الْمُتَّقِيْنَ. فقال الله تعالى في كتابه الكريم أعوذ بالله من الشيطان الرجيم. z`»ysö6ß üÏ%©!$# 3uŽó r& ¾ÍnÏö7yèÎ/ Wxøs9 šÆÏiB ÏÉfó¡yJø9$# ÏQ#tysø9$# n<Î) ÏÉfó¡yJø9$# $|Áø%F{$# Ï%©!$# $oYø.t»t/ ¼çms9öqym ¼çmtƒÎŽã\Ï9 ô`ÏB !$oYÏG»tƒ#uä 4 ¼çm¯RÎ) uqèd ßìŠÏJ¡¡9$# 玍ÅÁt7ø9$# ÇÊÈ  
Sadaya Puji kagungan Alloh Rabbul Izzati. Hayu urang manjatkeun syukur ka Mantena. Sabab kalayan qudrat sareng iradatna, alhamdulillah urang sadayana masih dipaparinan umur dugika dinten iyeu, nyaeta dinten Jum'at anu pinuh ku kamuliaan. Shalawat sinareng salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka sadaya kulawargina, para Sahabatna, sareng ka sadaya pengikutna dugikeun ka akhir zaman, oge mudah-mudah urang sadayana kengeng syaatul udma ti anjeuna. Amin Ya Robbal Alamin. Henteu aya anu langkung pantes dina kasempatan Jum'at ieu kecuali urang saling nasehatkeun dina wasiat taqwa, khususna kanggo diri simkuring pribadi sareng umumna kasadaya jama'ah, hayu urang sami-sami Taqwa ka Alloh SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna. Nyaeta kujalan, ngalaksanakeun naon rupi anu diparentahkeun ku Alloh SWT, sareng nebihan sagala rupi anu dilarang-Na.


Hadirin Kaum Muslimin Rahimakumullah
Urang ayeuna aya dina bulan rojab, bulan mulya, bulan dimana Nabi Muhammad SAW diisro’keun sareung dimi’rajkeun ku Allah SWT. Umat Islam dimana-mana lamun geus asup bulan Rojab kompak ngayakeun Peringetan Isro’ Mi’raj Nabi Muhammad SAW. Memperingati Isro’ Mi’raj eta penting pisan pikeun nguatkeun sarta ngandelan iman urang jeung tauhid urang ka Allah SWT.
Allah SWT tos ngadawuh dina surat Al-Isro ayat 1:
z`»ysö6ß üÏ%©!$# 3uŽó r& ¾ÍnÏö7yèÎ/ Wxøs9 šÆÏiB ÏÉfó¡yJø9$# ÏQ#tysø9$# n<Î) ÏÉfó¡yJø9$# $|Áø%F{$# Ï%©!$# $oYø.t»t/ ¼çms9öqym ¼çmtƒÎŽã\Ï9 ô`ÏB !$oYÏG»tƒ#uä 4 ¼çm¯RÎ) uqèd ßìŠÏJ¡¡9$# 玍ÅÁt7ø9$# ÇÊÈ  
“Maha suci Allah anu tos ngaberangkatkeun Nabi Muhammad SAW (hamba-Na) diwaktu peuting, ti masjidil Harom ka Masjidil Aqso, anu Kami (Allah) tos ngaberkahkeun dina perjalanana anu supaya Kami (Allah) nembongkeun tina sawarehna tanda-tanda kakawasaan Kami (Allah). Saenya-enyana Allah (Anjeun-Na) anu Maha Ngarungu sarta Maha Uninga.”

Dina salami perjalanan Nabi Muhammad SAW kengeng gangguan-gangguan dunya, iblis, Yahudi jeung Nasrani. Saleresna hiji rosul anu sarupi Kangjeung Nabi, moal bisa diganggu ku saha oge, sabab geus diisi ku kaimanan anu kuat pisan meung ieu mah conto peringetan pikeun urang salaku umatna. Lamun dunya, Iblis, Yahudi jeung Nasrani geus wani nyoba-nyoba ngagoda ka Kangjeung Nabi Muhammad SAW anu pangkatna tos mulia. Sok komo deui ka urang manusa biasa. Mangkana urang kudu leuwih waspada. Cekel sing pageuh iman ulah dilesotkeun, kamana urang indit ulah ditunda.
Hadirin sidang jum’ah rohimakumulloh!
Lamun urang geus kagoda ku dunya maka urang moal rek milih deui mana haram mana anu halal. Asal dapon, meunang untung wae sanajan ngarempak larangan Allah SWT. Sakumaha dawuhan Rosululloh SAW:
يَأْتِى عَلَى النَّاسِ زَمَانٌ لاَيُبَالِى الْمَرْءُ مَااَخَذَ اَمِنَ الْحَلَالِ اَمْ مِنَ الْحَرَمِ
“Bakal datang hiji jaman ka umat kaula, maranehanana geus teu memperdulikeun deui naha haram atawa halal.

Hadirin sidang jum’ah anu mulya
Kumargi sakitu, hayu urang lobakeun ngadatangan pangajian-pangajian, ngalobakeun istigfar, oge mudah-mudahan urang sadaya masing dikuatkeun Iman sinareung Islam Amin yaa robbal alamin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْم. وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ بِاْلاَيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ,
#khutbah sunda, #contoh khutbah sunda, #khutbah Jum’at

Tidak ada komentar:

Posting Komentar