Senin, 30 Maret 2020

Khutbah Jum'at Sunda, HIKMAH HIJRAH


um’at, 06 September 2019/
Khutbah Jum'at Sunda, HIKMAH HIJRAH
اَلْحَمْدُ لِلهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُوْهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ سُرُوْرِ اَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ اَعْمَالِنَا مَنْ يَّهْدِى اللهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُّضْلِلْهُ فَلَا هَادِيَ لَهُ. اَشْهَدُ اَنْ لَّااِلَهَ اِلَّااللهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى هَذَا النَّبِيِّ الْكَرِيْمِ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّا بَعْدُ, فَيَااَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَاَحُثُّكُمْ عَلَى طَاعَتِهِ. فقال الله تعالى في كتابه الكريم أعوذ بالله من الشيطان الرجيم. وَاِذْ يَمْكُرُ بِكَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لِيُثْبِتُوْكَ اَوْيَقْتُلُوْكَ اَوْيُخْرِجُوْكَ وَيَمْكُرُوْنَ وَيَمْكُرُ اللهُ وَاللهُ خَيْرُ الْمٰكِرِيْنَ
Saparantosna muji syukur ka hadirot Alloh swt. Shalawat sinareng salamna mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka sadaya kulawargina, para Sahabatna, sareng ka sadaya pengikutna dugikeun ka akhir zaman, oge mudah-mudah urang sadayana kengeng syafatul udma ti anjeuna. Amin Ya Robbal Alamin. Khotib wasiat, khususna kanggo diri khotib pribadi sareng umumna kasadaya jama'ah, hayu urang sami-sami Taqwa ka Alloh SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna. Nyaeta kujalan, ngalaksanakeun naon rupi anu diparentahkeun ku Alloh SWT, sareng nebihan sagala rupi anu dilarang-Na. Oge pamudah-mudahan urang sadayana kalebet jalmi anu taqwa. Amin ya robbal alamin.


Hadirin Kaum Muslimin Rahimakumullah
Alhamdulillah ku ayana rohmat sareung kurnia Alloh swt urang sadayana dina jum’at ieu tiasa nohonan parentah Mantena, nyaeta ibadah shalat Jum’ah. Mugi-mugi wae jum’ahanpoe ieu mawa berkah ka urang sadaya, sahingga mulihna ti ieu masjid, urang sadaya pendak sareung katengtreman hirup, kasenangan lahir batin lantaran urang geus nyumponan kabutuh rohani urang, ngalaksanakeun ajaran agama nyaeta ibadah shalat jum’at.
Hadirin kaum muslimin!
Dina khutbah dinten ieu khotib bade ngaguar deui hiji lalakon anu pernahkaalaman ku Kangjeng Nabi Muhammad saw. Hiji kajadian anu kiwari dijadikeun titik tolak ayana perhetangan taun dina islam nyaeta lalakon hijrah Kangjeung Nabi Muhammad saw. Mudah-mudahan wae urang sadaya anu hirup kiwari tiasa nyandak rupi-rupi hikmah sareung mangfaat tina peristiwa hijrah anu kaalaman ku Rosululloh saw.
Teu kirang tina tilu kajadian anu ngarupakeun prolog Hijrah Nabi saw ti Mekah ka Madinah, nyaeta:
1.       Ayana rupa-rupa usaha ti kaum kapir Quraisy pikeun ngeureunkeun dakwah islam, timimiti cara anu panglemesna nepika cara anu pangkasarna
2.       Ayana rapat pangpentingna anu dilakukeun ku para kapir Quraisy dihiji gedong anu kasebut DAARUNNADWA, hiji gedong khusus pikeun ngamusyawarahkeun hal-hal anu kacida pentingna
3.       Lungsurna wahyu Alloh geus mukakeun hahalang rasiah kaum kapir Quraisy anu ngarencanakeun pikeun nelasan Kangjeung Nabi sakumaha kaunggel dina Al-Qur’an Surat Al-Anfal ayat 30:
وَاِذْ يَمْكُرُ بِكَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لِيُثْبِتُوْكَ اَوْيَقْتُلُوْكَ اَوْيُخْرِجُوْكَ وَيَمْكُرُوْنَ وَيَمْكُرُ اللهُ وَاللهُ خَيْرُ الْمٰكِرِيْنَ
“jeung inget Muhammad nalika urang-urang kapir ngarancanakeun pikeun newak anjeun, atawa maehan anjeun, atawa ngusir anjeun. Maranehna ngabogaan eta rancana, tapi Alloh oge boga rancana. Jeung ari Alloh eta anu panghade-hadenaanu ngarencana.”
Hadirin Kaum Muslimin Rahimakumullah
Sakumaha kauninga ku urang sadaya dina sajarah yen usaha kaum kapir Quraisy pikeun nelasan Kangjeng Nabi teh pinanggih jeung kagagalan. Kangjeung Nabi kalawan pitulung Alloh tiasa lolos, angkat dina wengian kaum kapir Quraisy anu diwakilan ku para pamuda ti unggal suku bangsa rek nelasan mantena. Hijrah anu dilaksanakeun ku Kangjeng Nabi jeung Umat Islam kurang leuwih 14 abad anu geus kaliwat, ngabogaan dua fungsi anu utama nyaeta anu kahiji minangka strategi dina perjoangan nanjeurkeun agama Alloh, lain kabur tina pangperangan, lain sieu paeh, tapi islam jeung ajarana perlu disalametkeun tina kaancuran. Anu kaduana hijrah teh ngarupakeun salah sahiji syarat pikeun meunangkeun kaunggulan sakumaha dawuhan Alloh:
اَلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَهَاجَرُوْا وَجٰهَدُوْا فِى سَبِيْلِ اللهِ بِاَمْوَالِهِمْ وَاَنْفُسِهِمْ ۙ اَعْظَمُ دَرَجَةً عِنْدَ اللهِ ۗ وَاُولٰئِكَ هُمُ الْفَائِزُوْنَ
“saenyana jalma-jalma anu ariman, anu hijrah, jeung anu jarihad fii sabilillah boh ku hartana atawa jiwana, maranehna baris aya dina kaunggulan (At-Taubah ayat 20)

Hadirin jama’ah ‘id rohimakumulloh !
Mudah-mudahan urang sadayana masing tiasa hijrah tina hal-hal anu dilarang ku Gusti Alloh kana hal-hal anu diparentahkeun ku Alloh. Amin yaa robbal alamin.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْم. وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ بِاْلاَيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ

#khutbah sunda, #contoh khutbah sunda, #khutbah Jum’at

Tidak ada komentar:

Posting Komentar