Senin, 30 Maret 2020

Khutbah Jum'at Sunda, KASULITAN HIRUP


Jum’at, 15 Februari 2019
Khutbah Jum'at Sunda, KASULITAN HIRUP
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ اَنْعَمْنَا بِنِعْمَةِ الْاِيْمَانِ وَالْاِسْلَامِ. وَهِيَ اَعْظَمُ النِّعَمِ. اَشْهَدُ اَنْ لَّااِلَهَ اِلَّااللهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلٰى هٰذَا النَّبِيِّ الْكَرِيْمِ وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّا بَعْدُ, فَيَااَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَاَحُثُّكُمْ عَلَى طَاعَتِهِ. فقال الله تعالى في كتابه الكريم أعوذ بالله من الشيطان الرجيم لَقَدْ خَلَقْنَا الإنْسَانَ فِي كَبَدٍ
Saparantosna muji syukur ka hadirot Alloh swt. Shalawat sinareng salamna mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka sadaya kulawargina, para Sahabatna, sareng ka sadaya pengikutna dugikeun ka akhir zaman, oge mudah-mudah urang sadayana kengeng syafatul udma ti anjeuna. Amin Ya Robbal Alamin. Khotib wasiat, khususna kanggo diri khotib pribadi sareng umumna kasadaya jama'ah, hayu urang sami-sami Taqwa ka Alloh SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna. Nyaeta kujalan, ngalaksanakeun naon rupi anu diparentahkeun ku Alloh SWT, sareng nebihan sagala rupi anu dilarang-Na. Oge pamudah-mudahan urang sadayana kalebet jalmi anu taqwa. Amin ya robbal alamin.


Hadirin Kaum Muslimin Rahimakumullah
Salaku manusa hirup salian ti baris panggih jeung kasenangan tangtu dina hiji mangsa mah panggih jeung kasusahan, salian ti aya dina kabagjaan tangtu baris panggih jeung rupa-rupa kasulitan hirup. Pikeun ngahontal cita-cita tangtu urang sadaya baris panggih jeung kasulitan, sakumah pidawuh Alloh SWT:
ôs)s9 $uZø)n=yz z`»|¡SM}$# Îû >t6x. ÇÍÈ  
“Saenyana manusa benaer-bener geus diciptakeun aya dina kasulitan” (Al-Balad: 4)

Hadirin kaum muslimin!
Dina perjuangan hirup ieu tangtu aya pangdorongna, aya motivasina pangna manusa satekah polah ngusahakeun cita-citana, ieu pangdorong teh biasana aya dua rupa nyaeta:
1.       Dorongan anu mangrupa kauntungan lahiriah
Tibarang ngalengkahkeun sukuna pikeun indit berjuang ngalaksanakeun tugas hirupna dina implengan hatena geus kagambarkeun ku manehna rupa-rupa kauntungan lahiriah nyaeta kauntungan dunya. Ka ieu golongan manusa Alloh ngadawuh:
3 šÆÏJsù Ĩ$¨Y9$# `tB ãAqà)tƒ !$oY­/u $oYÏ?#uä Îû $u÷R9$# $tBur ¼ã&s! Îû ÍotÅzFy$# ô`ÏB 9,»n=yz ÇËÉÉÈ  
“Tiantara manusa aya anu nyarita, nun Gusti pasihan abdi kasenangan dunya, mangka eta jalma moal meunang kasenangan akherat.” (Al-Baqarah: 200)
2.       Dorongan anu mangrupa panggilan rohani
Dina ucap jeung lampahna, kereteg hatena implenganana taya deui iwal ridho Alloh swt. Pikeun ieu golongan Alloh parantos nyadiakeun dua kabagjaan dunya jeung aherat salaku wawales tina niatna nau ikhlas. Maranehna baris bebas tina siksaan naraka. Alloh ngadawuh:
Oßg÷YÏBur `¨B ãAqà)tƒ !$oY­/u $oYÏ?#uä Îû $u÷R9$# ZpuZ|¡ym Îûur ÍotÅzFy$# ZpuZ|¡ym $oYÏ%ur z>#xtã Í$¨Z9$# ÇËÉÊÈ 
“Jeung tina sawarehna manusa aya anu nyarita, nun Gusti pasihan abdi sadaya kasenangan di dunya sareung di akherat sarta mugi Gusti ngaraksa ka abdi sadaya tina siksa naraka” (Al-Baqarah: 201)

Para wargi ahli jum'ah rohimakumulloh
Golongan ieu ngagaduhan sikep jeung pandangan hirup nyaeta: aranjeuna sadar kana perluna inget ka Gusti Alloh dina sagala rupa laku lampahna. Aranjena tara ngan wungkul ngagunakeun itungan elmu jeung akalna atawa ngan ukur percaya kana usahana tapi dibarengan ku pasrah jeung tawakal. Ieu golongan yakin yen manusa mah ngan sakadar ikhtiar sedengkeun anu nangtoskeun hasilna mah mung Gusti Alloh swt.

Hadirin rohimakumulloh !
Mudah-mudahan Alloh swt ngiatkeun iman, islam urang sadaya sahingga urang sadaya tiasa ngahontal kabagjaan dunya akherat. Amin yaa robbal alamin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْم. وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ بِاْلاَيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ
#khutbah sunda, #contoh khutbah sunda, #khutbah Jum’at

Tidak ada komentar:

Posting Komentar